Kecap téh nyaéta wangun katatabasaan pangleutikna. Kecap mangrupa bagian kalimah anu dicirian ku ayana randegan, ogé mibanda harti. Ku kituna, LBSS (1983) nétélakeun yén kecap téh nyaéta bagian kalimah anu bisa mandeg mandiri sarta ngandung harti anu tangtu.
Wangun Kecap
Kecap-kecap dina basa Sunda bisa dipasing dumasar kana wangun jeung warnana.Wangun Kecap
kecap ... |
nyaéta ... |
asal |
kecap anu teu kungsi ngalaman parobahan |
rundayan |
kecap asal anu geus dirarangkénan |
rajekan |
kecap anu diwangun ku cara ngarajék kecap asal |
kantetan |
kantétan dua atawa leuwih kecap asal anu mibanda harti anyar. |
KECAP RAJÉKAN, nya éta kecap asal anu diucapkeun dua kali atawa leuwih. Kecap rajékan tea aya 4 rupa :
a. Dwipurwa
b. Dwilingga ( ieu aya 2 rupa: 1. Dwimurni, 2. Dwiréka )
c. Dwiwasana
d. Trilingga
a. Dwipurwa ( kecap nu rajékan engang mimiti ). Ku dirajék kitu téh timbul
kecap-kecap rékaan nu ngandung harti:
- migawé leuwih ti sakali: tutunjuk, sésépak, tatajong, jsb.
- lila milampahna: babanda, bibilintik, buburuh, jsb.
- rupa-rupa nu dipigawéna: babantu, bebenah, popolah, jsb.
- ngawangun kecap barang: hihideung, mamanis, seuseukeut, jsb.
- nuduhkeun siga: bubuntut, sisiku, mamata, babantal, jsb.
- nu geus leungit kecap asalna: pipiti, pépéték, momonot, jsb.
- pangwangun kecap barang tina kecap pagawéan: cacapék, kakait, guguling, cocolok, kakali, jsb.
- kedap barang niskala ( abstrak ): papayung, bébénténg,
kokojo, jsb.
Dwipurwa + rarangkén “an”, ngandung harti:
- lila atawa leuwih tisakali: susurakan, seuseurian, jsb.
- barang tiruan: kukudaan, gugunungan, jejelemaan, jsb.
- rupa-rupa: kekembangan, bubuahan, pepelekan, jsb.
- babagian badan: mumuncangan, peupeuteuyan, cacariuan, jsb.
- mindeng/lila makéna: momobilan, bébécaan, papayungan, jsb.
Dwipurwa + rarangkén “eun”, nuduhkeun harti:
- rasa: singsireumeun, seuseuneuan, deungdeuleuan, jsb.
- kasakit: kékéongan, jeungjeuriheun, kokoloteun, jsb.
- adat/bakat/watek: pupujieun, beubeulieun, bubudakeun, jsb.
b. Dwilingga ( kecap asal nu diucapkeun/ditulis dua kali sagamblangna ). Dwi
lingga, aya dua rupa:
- Dwimurni ( dwilingga nu teu robah sorana ), nuduhkeun harti:
- siga: kuda-kuda, siku-siku, tangan-tangan, jsb.
- ngantebkeun: enya-enya, jongjon-jongjon, ngeunah-ngeunah, jsb.
- padahal/sanajan/ongkoh: Beunghar-beunghar tara mére jakat, jsb.
- lila: mikir-mikir, milih-milih, jsb.
- rupa-rupa barang nu sasipat: amis-amis, haseum-haseum, jsb.
- nuluy/teu pegat: turun-temurun, teras-tumeras, jsb.
- silih: tulung-tinulungan, jsb.
- nu jadi: asal-muasal, sabab-musabab, jsb.
- urusan/hal-ihwal: serat-sinerat, ajén-inajén, jsb.
- geus leungit/teu kapapay harti asalna: alun-alun, eureup-eureup, jsb.
2. Dwiréka ( dwilingga nu dirobah sorana ), nuduhkeun harti:
- rupa-rupa/loba: tulang-taléng, babak-babuk, cuacai, jsb.
- leuwih ti sakali: tulas-tulis, luntang-lantung, jsb.
-teu puguh/teu saenyana: tuwur-tawar, tunyu-tanya, udar-ider, jsb.
c. Dwiwasana ( dwiwekas ), nya éta kecap-kecap nu dirajék engang
tungtungna; ieu bisa ngandung harti:
- lila/mindeng: cakakak, cikikik, ketéténg, kéwéwéng, jsb.
- Kaayaan: pudigdig, pudugdug, mutiktrik, jsb.
- Geus teu kapapay harti asalna: kadongdong, butiti, nastiti, jsb.
d. Trilingga, nya éta kecap nu dirajék tilu kali. Biasana bari robah sorana;
hartina umumna nuduhkeun mindeng atawa rupa-rupa: dar-der-dor,
dag-dég-dog, blag-blig-blug, brang-bréng-brong, jsb.
C. KECAP KANTÉTAN ( kecap anu diwangun ku dua kecap atawa leuwih nu mangrupa gabungan kecap). Bisa ngandung harti:
1. Nuduhkeun sagamblengna/ sajumlahna: indung-bapa, kolot-budak,
beurang-peuting, jsb.
- Nuduhkeun harti mandiri: karéta api, méja tulis, rumah sakit, jsb.
- Ngantebkeun: mérré-mawéh, paksa-pirusa, sabar-darana, jsb.
- Nuduhkeun sasipat: bongkok-méongan, sentak-badakeun, jsb.
- Geus awor pisan: parahulu, amismata, panonpoé, hulubalang, jsb.
- Nuduhkeun titikelan atawa tingkatan : dua puluh, tilu ratus,
opat rébu,
Catetan: a. Kecap kantétan Sunda umumna maké hukum DN, iwal kantétan nu ngandung harti injeuman saperti: panjang-leungeun, beurat-birit, jsb.
b. Kecap kantétan kosta aya nu maké hukum DN, saperti: hajar aswad, sahbandar, idul fitri, sétraganda, jsb. Réa ogé nu maké hukum ND: prameswari, maharaja, poswésel, jsb.
D. KECAP WANCAHAN, nya éta kecap anu dipondokkeun atawa ditugel, boh tina sakecap boh tina sababaraha kecap nu mangrupa kalimah (Ind:akronim).
Gelarna wancahan bisa ku rupa-rupa sabab/maksud:
- Rasa deudeuh atawa loma pisan:
Radén, jadi: Adén, Dén, Endén, Ndén, jsb.
- Rusuh teuing: atuda, kumadinya, dékah, urangah, nyao (tina: teu nyaho), jsb.
- Mangrupa singgetan: Jabar, Jatim, PSSI, LBSS, jsb.
- Ngaran samaran (sandiasma/pseudoniem): MAS, Kis WS, Sursa, jsb.
- Karasa panjang teuing dina tulisan:
Jsté. = jeung sajaba ti éta
Jspp. = jeung sapapadana
Jrrd. = jeung réa-réana deui
a.s . = alaihi wasalam
k.a. = kalayan asmana
- Aworna dua aksara sora (sandi):
i – a jadi é : kabupatian – kabupatén kasaktian – kasaktén
a – i jadi é : kaider – kéder saiwu – séwu
u – a jadi o : karatuan – karaton paguruan – paguron
a – u jadi o : kaunjuk – konjuk kaucap – kocap
a – o jadi o : kaondangan – kondangan
E. KECAP MEMET, nya éta kecap nu asalna mangrupa kalimah/omongan nu dipondokkeun ku jalan nyokot bagian/engang/aksara nu dipentingkeun tuluy dihijikeun nepi jadi hiji kecap anyar. Contona:
Comro : tina oncom di jero
Misro : tina amis di jero
Sukro : tina suuk di jero
Catetan: kadé pahili jeung basa kirata (dikira-kira sugan nyata), basa kirata mah basa heuheureuyan (dikira-kira sugan luyu jeung nyatana). Contona:
Korsi – cokor di sisi calana – dipancal salilana
Rantang – paragi nganteur nu teu datang bedog – dibebed supaya ngajedog
F. KECAP RUNDAYAN, nya éta kecap asal nu geus dirarangkénan.
a. Rarangkén hareup: m, n, ny, ng, mi, pa, pi, pang, sa, si, ti, ting, di, ka, mang, ba, nyang, pada, para, silih, barang, pra, pri, per.
Ku dirarangkénan, harti atawa pungsi kecap jadi robah:
- Rarangkén “aksara irung”, umumna nuduhkeun
pagawéan/kalakuan aktip:
Sawaréh hartina, bisa nuduhkeun sipat/kaayaan: nogél, melong, ngaleut, jsb.
- Rarangkén “pa”, hartina nuduhkeun:
- usum : patépok, pagebug, pakewuh, jsb.
- hal teu dihaja : paamprok, pakétrok, paténjo, jsb.
- kumpulan : pasawahan, pagunungan, pakebonan, jsb.
- tempat : padumukan, pameuntasan, paniisan, jsb.
- urut/sésa : panyuguan, panatahan, pamilihan, jsb.
- kecap barang niskala : pakasaban, pausahaan, parurugi, jsb.
- kaayaan/waktu : pakokolot, pasosoré, pabuburit, jsb.
(kiwari gelar rarangkén anyar nu sarimbag jeung rarangkén “pa”, nya éta rarangkén “per”: pertanian, perkebunan, perikanan, perguruan (nuduhkeun: urusan atawa organisasi/lambaga)
- Rarangkén “pi”, hartina pikeun nuduhkeun:
- kacida resepna/apét : piduit, piistri, piindung, jsb.
- tempat/kumpulan : pilemburan, pikampungan, jsb.
- bakal jadi : piimaheun, pijodoeun, pialuseun, jsb.
- bahan : pikorsieun, pibajueun, pialieun, jsb.
5. Rarangkén “pang”, nuduhkeun:
- parabot atawa jelema : panghulu, panglayar, pangrojok, jsb.
- leuwih ti nu séjén : pangpinterna, pangkasépna, jsb.
- Nitah : pangnuliskeun, pangmaculkeun, jsb.
- tempat : pangulinan, pangguyangan, jsb.
Warna Kecap
Warna/Rupa Kecap kabagi dua:
kecap ... |
nyaéta ... |
|
Kecap Lulugu |
barang |
kecap anu nuduhkeun barang atawa ngaran nu dianggap barang. |
sulur |
kecap anu dipaké pikeun nyuluran atawa ngaganti kecap barang. |
|
pananya |
kecap anu dipake pikeun nanya |
|
pagawean |
kecap anu nuduhkeun kalakuan, paripolah, atawa pagawéan jalma
atawa mahluk séjénna. |
|
sipat |
kecap anu nuduhkeun sipat atawa kaayaan barang atawa nu
dianggap barang. |
|
bilangan |
kecap anu nuduhkeun bilangan, jumlah, beungkeutan, kumpulan,
atawa tahapan. |
|
Kecap Pancén |
panganteb |
kecap pikeun ngantebkeun babagian kalimah anu dipentingkeun
((en):
emphasis). |
panganteur |
kecap disahareupeun hiji kecap pikeun nganteurkeun kecap éta
sangkan leuwih anteb tur écés. |
|
panambah aspék |
kecap pikeun nuduhkeun lumangsungna hiji kajadian. |
|
panambah modalitas |
kecap anu nuduhkeun sikep panyaturna waktu nyanghareupan jalma
séjén. |
|
pangantét |
kecap sahareupeun kecap barang pikeun ngantétkeun kecap barang
éta jeung kalimah utamana. |
|
panyambung |
kecap anu dipaké pikeun nyambungkeun kecap jeung kecap, atawa
babagian kalimah. |
|
panyeluk |
kecap nu dipaké pikeun ngébréhkeun bituna rarasaan. |
Kecap sulur
Kecap sulur aya sababaraha rupa:- kecap gaganti jalma
- kecap gaganti milik
- kecap panuduh
Kecap gaganti jalma
'Kecap gaganti... |
kecap.. |
dipaké dina kaayaan... |
conto kalimah |
|
jalma kahiji |
tunggal |
sim kuring |
lemes, resmi |
... |
abdi |
lemes, teu resmi |
... |
||
kuring / déwék / urang |
loma |
... |
||
kami / kaula |
loma, ngaluhurkeun ajén sorangan |
... |
||
aing |
kasar |
... |
||
loba |
sim kuring sadayana |
lemes, resmi |
... |
|
abdi sadayana |
lemes, teu resmi |
... |
||
kuring saréréa |
loma |
... |
||
jalma kadua |
tunggal |
bapa / ibu (jsb. nu dianggap mancakaki) |
lemes, ka anu dipihormat |
... |
anjeun |
lemes, ka sapantaran |
... |
||
manéh / silaing |
loma |
... |
||
sia |
kasar |
... |
||
loba |
aranjeun |
lemes |
... |
|
maranéh |
loma |
... |
||
hidep saréréa |
lemes, ka sahandapeun |
... |
||
jalma katilu |
tunggal |
mantenna |
lemes, ka nu dipihormat |
... |
anjeunna |
lemes |
... |
||
manéhna, inyana |
loma |
... |
||
loba |
aranjeunna |
lemes |
... |
|
maranéhna |
loma |
... |
Kecap gaganti milik
Kecap gaganti milik disusun ku cara ngantétkeun kecap gaganti pikeun jalma di luhur ditukangeun kecap barang. Contona: buku abdi, buku manéh, buku hidep saréréaKecap panuduh
Kecap panuduh wacana
ieu |
|
éta |
|
kitu |
|
kieu |
kecap... |
dipaké pikeun... |
conto kalimah |
dieu |
nuduhkeun nu deukeut |
... |
dinya |
nuduhkeun nu rada deukeut |
... |
ditu |
nuduhkeun nu jauh |
... |
Kecap pananya
Kecap... |
dipaké pikeun nanyakeun ... |
conto kalimah |
naon |
barang, hal, sasatoan, tutuwuhan |
... |
saha |
jelema, malaékat, Pangéran |
|
mana |
tempat, hal |
... |
iraha |
waktu |
Iraha anjeun badé ka dieu? |
naha |
sabab-musabab, kalakuan |
... |
kumaha |
cara, kaayaan |
... |
sabaraha |
jumlah, bilangan |
... |
Kecap pagawéan
Ciri-ciri kecap pagawéan:- umumna mangrupa caritaan dina kalimah, lain jejer
- teu bisa ditempatkeun satukangeun kecap pangantét
- teu bisa dipiheulaan ku kecap paling atawa dirarangkénan anu ngandung harti paling ...
- bisa dipiheulaan ku kecap panambah aspék jeung modalitas
Kecap sipat
Ciri-ciri kecap sipat:- bisa dipiheulaan ku kecap leuwih jeung mani
- bisa dituturkeun ku kecap kacida, pisan, jeung naker
- bisa dirarangkénan ku pang-...-na
- bisa ngawangun frasa pohara ...-na atawa kacida
...-na
Kecap panganteur
Tabel kecap panganteur
pagawéan
bus asup |
nyah beunta |
nging/hing ceurik |
segruk ceurik |
am dahar |
jol datang |
rap dibaju |
deker digawé |
gék diuk |
reg eureun |
geleber hiber |
sedut/dut hitut |
kuniang hudang |
belenyéh/nyéh imut |
gedig indit |
léos indit |
kécéwér/wér/cer kiih |
blug labuh |
beretek/berebet lumpat |
jleng luncat |
geleser maju |
belewer malédog |
brus mandi |
térékél naék |
gampleng nampiling |
blak nangkarak |
jung nangtung |
sebrut narajang |
habek neunggeul |
lek neureuy |
lar ngaliwat |
bluk ngangkuban |
biur ngapung |
golédag ngedeng |
gewewek ngégél |
réngkénék ngigel |
leguk/regot nginum |
burusut ngising |
pok ngomong |
celengkeung ngomong |
trét nulis |
gaplok nyabok |
gap nyagap |
sirintil nyampeurkeun |
gantawang nyarékan |
kerewek nyekel |
cong nyembah |
crot nyiduh |
celengok nyium |
kop nyokot |
bluk nyuuh |
reup peureum |
dug saré |
barakatak seuri |
ceuleukeuteuk seuri |
cakakak seuri |
cikikik seuri |
lep teuleup |
eureuleu teurab |
clak tumpak |
luk tungkul |
jrut turun |
nyot ngenyot |
pelenyun udud |
cat unggah |
orolo utah |
Tabel kecap panganteur
kaayaan
beledug bitu |
beleték peupeus |
beletok potong |
béréwék soék |
bray beurang |
bray muka |
bray caang |
breg hujan |
cep tiis |
gejebur kana cai |
jedak diadu |
jeduk tidagor |
jegug sora anjing |
jegur sora marieum |
jentréng kacapi |
jep jempé |
jeprut pegat |
kecebuk sora cai |
kecemplung kana sumur |
kepluk murag |
kérésék sora daun |
ketruk sora sapatu |
les leungit |
paralak hujan |
pédénghél keuheul |
peledek bau hitut |
pes pareum |
pleng ambleng |
plong ngemplong |
prung pegat |
prung ngamimitian |
pudigdig ambek |
rekét sora panto |
rob ngarogrog |
rup dirungkupan |
seguk sora kolécér |
semprung pegat |
sruk-srék sora ragaji |
trong kohkol |
Tidak ada komentar:
Posting Komentar